Senin, 01 Februari 2010

LEMBUR HAREPAN

Pipir gunung geulis
Lembur leutik camperenik
Beh kiduleun kota Bandung
Katelah kampung Jelekong

Najan lembur nyingkur
Alamna subur jeung makmur
Gudangna para seniman
Jelekong lembur harepan

Gunung-gunungna...
Hejo lemok dangdaunan
Ngeplak sawahna
Matak endah katinggalna

Hayu babaturan
Ngurus lembur babarengan
Ulah dek sewang-sewangan
Gotong-royong sauyunan


Dadan Sunandar

Tidak ada komentar:

Posting Komentar